Lagu Daerah

1. BUBUY BULAN

Bubuy bulan
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe
Panon poe disasate

Unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe
Unggal poe oge hade

Situ Ciburuy
laukna hese dipancing
Nyeredet hate
Ningali ngeplak caina

Duh eta saha
Nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate
Ningali sorot socana


2. KARATAGAN BANDUNG BARAT
Bandung Barat hudang tandang berjuang
Ngawangun negeri jembar waluya
Ngawangun praja warisan purwa
Wibawa mukti kerta raharja
Sugih pangarti nyantri nyakola
Nyunda nyatana nanjer komara
Nyangga budaya ngadep wibawa
Luhur ajena agung bangsana
Sehat lahirna sehat batinna
Jagjag waringkas jiwa santika
Bandung Barat sayaga
Bandung Barat sawawa
Bandung Barat jaya



3. KARATAGAN PAHLAWAN
Teu hon cewang sumoreangtekadna pahlawan BangsaCadu mundur pantrang mulangmun maksud ta can laksanaBerjuang keur lemah cailali rabi tur tega patiTa ya basa menta pamulang tarima ikhlasrido keur korban merdeka
Sinatria dana lagabela Bangsa jeung NagaraDibarengan tekad suciberjuang keur lemah caiTeu ngingetkeun ka dirina Asal Nagri , Bangsa WaluyaBisa jembar merdeka mukti wibawaJasa tujuan pahlawan bangsa 
4. MANUK DADALI

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun
Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia

5. MOJANG PRIANGAN


Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priangan ...

Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan ...

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan ... 2X

Mojang anu donto
Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang Priangan ...

...

Gareulis maranis
Disinjang lalenjang
Estu sono mun leumpang
Mojang Priangan ...

Digigirna ge lenggik
Dihareupna ge sieup
Ditukangna lenjang
Mojang Priangan ...

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan ... 2X

Mojang anu donto
Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang Priangan ...
























No comments:

Post a Comment